У нас вы можете посмотреть бесплатно PEDARAN WAWANCARA | Materi ajar Basa Sunda Kelas 10 или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Wawancara teh dina basa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter hartina lolongkrang jeung view hartina paniten;panempo. Jadi wawancara bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber ; responden). Dina widang jurnalistik, kagiatan wawancara teh penting keur salah saurang jurnalis atawa wartawan keur nyangking atawa maluruh informasi keur nulis warta. Beda jeung wartawan anu ngahaja ngawawancara narasumber pikeun bahan warta, ari dina kagiatan jumpa pers atawa konferensi pers mah biasana wawancara teh lantaran kahayang narasumber. Dina kagiatan panalungtikan / penelitian, wawancara dilaksanakeun pikeun tujuan maluruh atawa neangan data keur bahan panalungtikan. Tujuan Wawancara Numutkeun Sawatara Ahli Komunikasi 1. Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta. 2. Nyangking pamadegan resmi ti narasumber 3. Ngaguar pamanggih ahli 4. Konfirmasi keur babandingan data Hal-hal anu kudu diperhatikeun / diestokeun dina wawancara 1. Muguhkeun informasi naon anu rek dikumpulkeun 2. Nangtukeun saha anu rek diwawancara 3. Nangtukeun iraha jeung di mana rek diwawancara 4. Nyusun angket wawancara, saperti daftar pananya / pertanyaan anu rek ditanyakeun. Biasana nyoko kana prinsip 5W + 1 H : what (naon), where (di mana), when (iraha), why (ku naon), who (saha), how (kumaha) 5. Dina derna ngawawancara, hadena mah ngagunakeun basa Sunda anu merenah 6. Nyatetekeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber. Bakal leuwih hade upama direkam, difoto jeung disyuting. Sawatara Tata Krama dina wawancara 1. Nu ngawawancara kudu netral, hartina teu meunang nyawad kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancenna oge ngan saukur nyatetkeun, ngarekam atawa ngadokumentasikeun hasil wawancara 2. Kudu sopan, hartina dina prungna ngawawancara kudu nembongkeun kasomeahan, rengkak jeung paripolah asnu natakrama, nyarita basa sunda luyu jeung tatakrama Wanda Wawancara 1. Wawancara mandiri, sok disebut oge wawancra individual, hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta 2. Wawancara kelompok, biasana jumlah pawawancarana lobaaa. Narasumber mah bisa saurang atawa lobaan. Upamana wae sababaraha urang wartawan ti sawatara media ngawawancara grup band. Jrrd. 3. Wawancara Konferensi, kagiatan wawancara anu ngalibekeun sawatara narasumber. Upama wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik. Wawancara kelompok oge bisa dilaksanakeun boh sacara langsung boh teu langsung (teleconference) Dumasar kana Sipatna Wawancara dibedakeun Jadi dua rupa 1. Wawancara Kauger, sok disebut oge wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasil wawancara, ti mimiti identitas nrasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ka narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun angket anu patalekan jeung jawabanana geus disiapkeun. Narasumber mah pancenna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap bener. 2. Wawancara bebas, nya eta kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumudkeun heula ku pawawancara. Dina derna wawancara, biasana mah pawawancara ngadadak ngasongkeun ka narasumber diluyukeun jeung siuasi katut kondisi waktu kagiatan wawancara lumangsung. Narasumber oge biasana mah mere jawaban anu ngadadak. Wawancara bebas sok disebut oge wawancara terbuka, hartina pawawancara teu kauger kudu ngarusiahkeun identitas narasumber. Kitu oge pananya bebas teu kawatesanan. #wawancara #basasunda #pangajaran #sumberbelajar #sumberdiajar #kelas10