У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH3 Gatokaca Kembar (Audio Panggung, 2010) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Wayang golék ieu mangrupakeun rékaman audio panggung pagelaran Giri Harja 3 pingpinan H. Asep Sunandar Sunarya di Subang dina raraga miéling Kota Subang nu ka-62. Hapunten nu kasuhun pami audiona rada kirang saé, sareng aya audio nu kapotong margi rékamanana tos reksak. =========================== SINOPSIS GATOTKACA KEMBAR Sinigeug. Kacaturkeun Arya Bima keur tatapa di hiji leuweung nu aya di wewengkon alas Saptarengga, maksudna natapaan anakna, Gatotkaca nu tos tilu bulan gering. Ku jalan tatapa sugan meunang pitunjuk pikeun nyageurkeun Gatotkaca. Tatapana téh dijagaan ku dua anak Bima nu séjén, nyaéta Jakatawang jeung Anterja. Dibaturan ku para pawongan, Lurah Semar Kudapawana katut anak-anakna, Astrajingga atawa Cépot jeung Dawala. Waktu Arya Bima keur tatapa, jol rombongan ti Astina nyaéta Resi Bisma jeung Resi Dorna katut Aswatama. Maksud ngadatangan Bima nu keur tatapa téh rék ngahudangkeun Bima nu tapa. Rék minangsaraya ménta tulung ka Bima supaya ngusir raja denawa Prabu Kala Braja jeung wadyabaladna nu ngagulingkeun kakawasaan Raja Duryudana nu saterusna ngawasa Karajaan Astina. Taya saurang-urang acan di Astina nu bisa ngéléhkeun kasaktian Kala Braja. Resi Bisma meunang ilapat, yén jalma nu bisa ngusir Kala Braja téh nyaéta Bima. Ngan harita Bima keur tatapa, teu bisa diganggu. Jakatawang jeung Anterja teu ngidinan nu jadi bapana diganggu tatapana. Sabab méméhna geus meunang amanat ti bapana tong aya saurang ogé nu ngahudangkeun sanajan Dewa. Antukna Resi Bisma ngaluarkeun panah nu ngandung racun pikeun ngalumpuhkeun Jakatawang jeung Anterja. Ngan Semar tos apal galagatna, geuwat niup embun-embunan Astrajingga jeung Dawala supaya anak-anakna tetep sadar. Sabada Jakatawang jeung Anterja kapidara sabab nyeuseup racun, Resi Bisma nyampeurkeun Bima nu keur tapa. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!