У нас вы можете посмотреть бесплатно Sayembara Dewi Ganggi (Re-Upload) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3 или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Video ieu mangrupakeun aplodan ulang ti aplodan saméméhna. Margi aya anjuran ti Youtube, pami ngaplod kontén sanés karya asli kréator kedah aya narasi atawa masihan gambaran kana eusi vidéo. Kukituna mugia dimaklum. Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asep Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun pagelaran live di Studio Televisi Pendidikan Indonesia taun 2000-an. Harita mah Giriharja 3 dikontrak ku TPI pikeun ngagejrak dua minggu sakali. ================================= Sinopsis Sayembara Dewi Ganggi Sinigeug, di karaton Karajaan Nilakancana, Prabu Kancanasakti keur timbal wacana jeung patihna Kancanadenta katut senopati Kalapideksa. Inti obrolan nyaéta niat sang raja hayang miluan sayémbara meunangkeun Déwi Ganggi putrina Ganggadéwa raja karajaan Ganggamina. Nu jadi jago sayémbara nyaéta Patih Tirtasakti. Saha-saha waé nu bisa ngéléhkeun Patih Tirtasakti bakal ngaboyong putri Déwi Ganggi. Di tempat séjén, Anterja putra Bima ti Catur Pertala sarua hayang miluan sayémbara meunangkeun putri Déwi Ganggi. Sabada meunang réstu ti ibuna, Anterja nepungan heula Semar Badranaya pikeun ménta doana. Dianteur ku Cépot jeung Dawala, Anterja ngajugjug Karajaan Ganggamina. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Mudah-mudahan pintonan wayang golék ieu janten pieunteungeun ka urang sadayana, teu sakadar hiburan tapi malah mandar tongtonan jadi tungtunan, gogonjakan ulah jadi éjékan anggursi jadi ajakan demi kokohna persatuan jeung kesatuan bangsa. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya sareng para nayaga Giriharja 3 nu parantos ngarantukeun, mugia sadaya almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.