У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek Panca Komara SOMANTRI NGENGER (Audio Panggung, 1990) - R.H. Tjetjep Supriadi или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. SINOPSIS SOMANTRI NGENGER Pagelaran wayang golék ti lingkung seni Panca Komara Karawang pingpinan R.H. Tjetjep Supriadi ieu mangrupakeun rékaman audio nu disiarkeun ku RRI tina pagelaran Panca Komara di Taman Ismail Marzuki Gedung Kesenian Jakarta taun 1990-an ======================= Kacaritakeun di Padépokan Argasekar, Resi Suwandageni ngangkir putrana nyaéta Bambang Somantri. Intina ngawurukan Bambang Somantri dina bagbagan agama jeung darigama. Saterusna Bambang Somantri téh ménta réstu ti ramana rék babakti ka Raja Arjuna Sasrabahu di Karajaan Mahéspati. Sabada Bambang Somantri indit ti padépokan, adina nyaéta Sukasrana milu nyusul lanceukna ka Mahéspati sacara susulumputan. Di Karaton Karajaan Mahéspati kasampak raja jeung abdi-abdina keur ngayakeun sawala. Bambang Somantri ditarima babakti asal bisa nyumponan sababaraha sarat, di antarana kudu ngusir wadyabalad Raja Salawé Nagara nu keur ngepung Karaton Magada. Tugas éta bisa diréngsékeun ku Bambang Somantri. Saterusna Bambang Somantri hayang ngajajal élmu raja Arjuna Sasrabahu, tapi Bambang Somantri kasoran. Élmu Arjuna Sasrabahu leuwih linuhung, sabab katitisan Déwa Wisnu. Sarat pikeun babakti dua deui nu kudu dicumponan, nyaéta kudu mawa Putri Sadomas, Déwi Citrawati nu bakal dipigarwa ku Arjuna Sasrabahu. Sarat nu katilu kudu mindahkeun Taman Sriwedari ti Gunung Utara (Magada) ka Mahéspati. Sarat nu kadua bisa kacumponan, tapi sarat nu katilu angkat tangan. Untungna adina nyaéta Sukrasana mantuan lanceukna mindahkeun Taman Sriwedari ti Magada ka Mahéspati. Waktu Somantri rék mangadep ka Raja Arjuna Sasrabahu, Sukrasana hayang milu ka karaton. Ngan ku Somantri dicaram. Kusabab Sukrasana keukeuh waé hayang milu ka lanceukna, Somantri nyingsieunan adina rék dipanah. Sukrasana sadar yén lanceukna téh éra rék mawa adina nu ngawujud denawa. Tibatan teu diaku dulur, Sukrasana ngahaja ngarebut panah nu dicekel ku Somantri langsung ditubleskeun kana jantungna. Perlaya saharita. Ngan sukma Sukrasana méré supata ka Somantri, yén dina hiji mangsa Somantri tarung nyanghareupan Rahwana/Dasamuka, Sukrasana bakal nyampeur lanceukna ka alam kalanggengan. Carita éta dipedar dina lalakon Gugurna Patih Suwanda. Patih Suwanda téh julukan atawa gelar nu dibéré ku Prabu Arjuna Sasrabahu ka Bambang Somantri sabada nyumponan sagala tugas ti raja. Ngaran Suwanda dicokot ti ngaran ramana Bambang Somantri, nyaéta Resi Suwandageni, nu taya lain pamanna Arjuna Sasrabahu. Jadi antara Arjuna Sasrabahu jeung Bambang Somantri téh dulur sabrayna.