У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH3 Prabu Purbawijaya (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Lapang GGM Majalengka, dina raraga miéling ngadegna Majalengka nu ka-514. Mung gaduh rékaman audiona, teu gaduh videona. ======================= Sinopsis awal carita : Sinigeug di Karaton Amarta, Prabu Yudistira ngangkir Arjuna, Gatotkaca Semar Badranaya pikeun ngayakeun sawala. Intina ngabéjakeun ka tiluan yén pusaka Layang Jamus Kalimusada leungit. Malah mah tos méré pancén ka Bima, Nakula jeung Sadéwa supaya maluruh di mana laratan ayana pusaka nu leungit. Sabot keur gunem catur, torojol Resi Dorna jeung Aswatama datang ka karaton Amarta. Maksudna rék ménta tulung ka Pandawa pikeun ngusir musuh nu geus ngawasa Astina. Musuh nu nyerang Astina téh golongan denawa nu dipingpin ku Prabu Purbawijaya. Malah mah Prabu Suyudana jeung dulur-dulurna Kurawa kabéh geus teu manggapulia ngayonan kadigjayaan Prabu Purbawijaya. Untungna wé Resi Dorna jeung Aswatama bisa kabur ti Astina. Prabu Yudistira awalna mah bingung, sabab Arjuna jeung Gatotkaca téh rek pisan dititah néangan pusaka Layang Jamus Kalimusada nu leungit. Tapi antukna mah léah haténa rék ngutamakeun mantuan Kurawa sanajan sering pagétréng waé. Prabu Yudistira sorangan ngajak Semar ka kamarna pikeun nyepén atawa semédi. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!