У нас вы можете посмотреть бесплатно Dongeng Sunda 'SI OCID Bag 2' (Nganti Layung di Mumunggang) или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Dongéng Si Ocid téh sanés ngan saukur carita biasa, tapi mangrupa eunteung kahirupan anu diguar kalayan jembar ku Zaid Alfatih. Ieu carita mawa urang malingping ka jaman baheula, di mana léngkah suku masih napak dina taneuh anu jemlék ku ciibun, sarta sora angin masih mawa béja ti langit. Si Ocid digambarkeun salaku sosok anu sakitu basajanna,dina raga Si Ocid anu sakapeung mah lungse ku kacapé, aya tanggung jawab anu kacida beuratna tapi mulya. Adina anu masih leutik téh ibarat hiji-hijina béntang anu masih kénéh moncorong dina peutingna Si Ocid anu poék. kualatan eta manehna nyoba bertahan neruskeun lengkah hirup, sok sanajan,Hirupna teu weléh dironjang ku cocoba, ti mimiti peurihna kakurangan nepi ka paitna panghina. Sanajan kitu, dina jiwana aya cahaya sabar anu moal bisa pareum ku cai hujan, sarta aya kayakinan yén unggal kasedih téh saenyana mangrupa "pupuk" pikeun kabagjaan anu bakal datang. Anu matak narik ati, nyaéta carita sosobatan dua mahluk béda alam. Ieu lain ngan saukur dongéng mistis, tapi hiji siloka yén rasa asih mah teu boga wates. Patepungna Si Ocid jeung sobatna lain dumasar kana kahayang manusa anu pinuh ku pamenta, tapi murni kusabab suratan takdir anu geus diguratkeun ku Nu Maha Kawasa. Kacapi Suling : NGKI BODIN Judul : Halimun