У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH3 Parta Krama (Audio Panggung, 2001) - Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, которое было загружено на ютуб. Для скачивания выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. SINOPSIS PARTA KRAMA (AJURNA RARABI) Tos seueur lalakon ieu nu ngaplod boh dina wangun video atawa audio kasét. Pami nu ieu mah rékaman audio panggung pagelaran Giriharja 3 pingpinan Asep Sunandar Sunarya di Lapang Merdeka Sukabumi bulan Juni 2001. Tiasa disebatkeun ieu lalakon Arjuna Rarabi/Parta Krama nu ngawitan. ====================== Sinigeug. Di puseur dayeuh Méralaya Karaton Dwarawati, Batara Kresna jeung patihna Padmanegara, kadatangan Gatotkaca nu diutus ku uwana nyaéta Prabu Yudistira. Maksudna mikeun surat ngawakilan adina Arjuna pikeun ngalamar Dewi Mayang Arum atawa Subadra adina Batara Kresna, ogé adina Prabu Baladewa. Mémang méméhna waktu Subadra masih leutik, Prabu Basudéwa pernah ngomong ka Kresna (harita mah Narayana) yén Mayang Arum jodokeun waé ka Arjuna. Ti leuleutik, Mayang Arum dikukut ku lanceukna, Kresna. Cindekna, lamaran ti Prabu Yudhistira téh ditarima. Ngan mun Mayang Arum nikah, nu kudu ngawalian téh lain Kresna tapi lanceuk panggedéna nyaéta Baladéwa. Batara Kresna nugaskeun Padmanegara supaya ngajugjug ka Mandura, nepungan lanceukna Baladéwa supaya datang ka Dwarawati. Tapi karék gé Padmanegara rék indit dianteur Gatotkaca, datang rombongan Prabu Baladéwa jeung Resi Dorna sabalad-balad ti Astina nu maksudna sarua rék ngalamar Dewi Subadra. Prabu Baladewa téh ngawakilan adi beuteungna Burisrawa budakna Prabu Salya (Narasoma) ti Karajaan Mandaraka. Nyanghareupan dua pihak nu ngalamar Déwi Subadra nu sarua dulur, Prabu Kresna masrahkeun kaputusan ka Subadra saha nu bakal ditarima. Antukna Subadra ngayakeun sayémbara, yén saha-saha nu bisa nyumponan 10 sarat nu diajukeun ku Subadra bakal jadi salakina. Saterasna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!