У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek JALA SABDA (Audio Panggung) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Aya dua judul lalakon nu ampir mirip ti dalang H. Asep Sunandar Sunarya téh nyaéta Jara Sabda jeung Jala Sabda. Lalakon nu ieu mah Jala Sabda. Wayang golék ieu mangrupakeun rékaman audio panggung pagelaran Giriharja 3 pingpinan H. Asep Sunandar Sunarya di Kahuripan 69 gaduhna H. Asep Wawan di Jl. Curug Candung No.69 RT.02 RW.05, Desa Mekarwangi, Kec. Bojongloa Kidul, Kota Bandung. Pagelaran ieu dina raraga miéling Kahuripan 69 nu ka-23 ogé dina acara Sunatan Massal, bulan Juni 2013. ============================= SINOPSIS JALA SABDA Sinigeug. Di Karaton Astinapura, Prabu Duryudana ngangkir para pejabat jeung kasepuhan. Maksudna ménta kamandang dina pasualan nu disanghareupan ku sang Raja Astina. Kasepuhan nu diondang di antarana Resi Bisma ti Padépokan Talkanda jeung Resi Dorna ti Padépokan Jajar Sokalima. Pasualan nu disanghareupan téh nyaéta mikiran yén para Pandawa geus bérés nyamurna salila 13 taun sabada éléh maén dadu jeung Kurawa. Karajaan Amarta dijadikeun borah (jaminan) ku Raja Yudistira. Sanggeus 13 taun, pasti bakal nagih perjangjian baheula pikeun nyérénkeun deui Amarta ka Pandawa. Dina pasualan perjangjian antara Pandawa jeung Kurawa, Raja Duryudana dipangaruhan ku amangnya nyaéta Patih Arya Sangkuni yén Amarta kudu tetep dipertahankeun tong dibikeun ka Pandawa. Kasepuhan Resi Bisma jeung Resi Dorna mah nyarankeun supaya Amarta dibikeun ka Pandawa luyu jeung perjangjian baheula. Sedengkeun Arya Sangkuni mah ngayakeun voting keur ngahasilkeun kaputusan. Nya jelas ku jalan voting mah saran Resi Bisma & Resi Dorna éléh sora ku para Kurawa nu jumlahna saratus. Kusabab asa teu dihargaan kamandangna, duanana ngejat ti karaton Astina. Dina lalakon ieu mah sikep Dorna teu mahiwal istuning bener, luyu jeung gelarna salaku resi. Sabot keur sawala, jol Bima ka Astina tanpa badami heula jeung dulur-dulurna. Maksudna nagih jangji ka Prabu Duryudana. Kusabab geus meunang kaputusan moal mikeun deui Amarta, Duryudana nolak panagih ti Bima. Saterusna para Kurawa ngepung Bima. Dina hal ieu Bima ménta bantuan ti anakna nyaéta Anterja. Sedengkeun pihak Kurawa meunang bantuan ti hiji sinatria nu ngaku ngaran Jala Sabda. Carios salajengna mangga dangukeun dugi ka réngsé. Cag!