У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH2 Dawala Guru Dewa (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. SINOPSIS DAWALA GURU DEWA Sinigeug. Di Padépokan Ciptarasa, Maharesi Pancaséda ngangkir murid kameumeutna nyaéta Bambang Pancasakti. Sang Resi nanyakeun kunaon pangpangna Pancasakti sok huleng jentul waé. Jawabanana téh Pancasakti hayang apal saha indung jeung bapana. Sang Resi teu bisa ngajawab da saprak ti leutik kénéh Pancasakti téh geus aya di lingkungan padépokan tepi ka gedéna. Kungsi ditatanyakeun ieu budak saha, tapi teu aya nu ngaku. Nya, diaku anak wé ku Maharesi Pancaséda. Bakat ku merenyeng hayang apal saha indung-bapana, Sang Resi muka kitab pusaka nu ngaranna Cipta Aksara. Ngan éta buku téh di jerona euweuh tulisan, ngan saukur lambaran kertas kosong. Bisa muncul tulisan gumantung gerentes dina haté. Sawaktu ditanyakeun saha indung-bapana Pancasakti, jawaban ti éta kitab, yén Pancasakti teu boga indung jeung bapa. Istilahna téh "Ayana ti heula datangna pandeuri. Uwung-uwung nu di luhur, awang-awang nu di tengah, bumi-langit can ngajadi, Pancasakti geus aya, ngan datangna pandeuri". Sanajan para déwa gé moal bisa neguh saha ari Pancasakti. Nu bisa ngajawab rasiah Pancasakti nyaéta Dawala Guru Déwa. Salajengna ... mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!