У нас вы можете посмотреть бесплатно Nalaka Suraboma Pejah (Subang, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Dalam rangka pelestarian budaya lokal (folklore) Jawa Barat yang memiliki kearifan lokal (local wisdom) yang adiluhung, di antaranya dengan cara pengarsipan digital kesenian-kesenian lawas tradisional rakyat Jawa Barat dari sumber aslinya (primer). Pengarsipan budaya tersebut dipublikasikan melalui media sosial seperti YouTube agar dikenal kembali oleh para generasi penerus. Kesenian-kesenian tersebut di antaranya seni pertunjukan wayang golek (puppet show). Tentunya konten wayang golek ini sudah dimodifikasi sedemikian rupa melalui proses editing dan bersifat unik serta ditambahkan deskripsi atau sinopsis agar memiliki nilai hiburan dan edukasi yang signifikan bagi para penggemar wayang golek. ================================= Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman panggung waktos ngagejrak di Kelurahan Pasir Kareumbi, Kec. Subang taun 2012. Sinopsis awal carios Gugurna Prabu Nalaka Suraboma nyaéta : Sinigeug di karaton Dwarawati puseur dayeuh Méralaya, Sang Naléndra Prabu Batara Kresna keur ngayakeun sinéwaka jeung Patih Udawa katut Arya Setiaki Padmanegara. Inti timbal wacana nyaéta Batara Kresna inget deui kana lalakon nu geus kaliwat basa Prabu Nalakasura ti Karajaan Trajutisna ngadatangan Batara Kresna ngajak bébésanan. Putri Prabu Nalakasura téh kapentang asmara ku putrana Batara Kresna, Rd. Samba Purwaganda. Ngan masalahna rencana bébésanan antara Batara Kresna jeung Prabu Nalakasura ditolak sapajodogan ku Purwaganda. Sababna, dina pamikir Samba Purwaganda geus kabayang putri Prabu Nalakasura téh teu jauh ti bapana nu wujud denawa. Padahal Déwi Setiawati putrina Prabu Nalakasura téh geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina lir bidadari ti kahiangan. Sikep Samba Purwaganda nu nolak lamaran ti Prabu Nalakasura, nimbulkeun wiwirang ka Batara Kresna. Keur nutupan wiwirang jeung supaya Prabu Nalakasura teu kasinggung Batara Kresna masrahkeun putrana ti Déwi Pertiwi nyaéta Sutija dijodokeun jeung Déwi Setiawati. Sedengkeun Rd. Samba Purwaganda diusir ku Batara Kresna. Saprak ti harita, Batara Kresna can pernah nempo deui anakna Samba Purwaganda. Sedengkeun Sutija, saprak dijadikeun minantu Prabu Nalakasura dibenum jadi putra mahkota Karajaan Trajutisna dina gelar Prabu Nalaka Suraboma. Ngarasa dosa ngusir anakna, Batara Kresna nugaskeun ka Arya Setiaki pikeun néangan Rd. Samba Purwaganda. Sabot timbal wacana, torojol satria ti Mlajangtengah nyaéta Rd. Gatotkaca. Kadatangan Gatotkaca nepungan uwana nyaéta masrahkeun buntelan nu eusina potongan layon Samba Purwaganda. Gatotkaca nyaritakeun lalakonna manggihan layon Samba Purwaganda. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag! Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe, share, like, koméntar sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan anu énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya kalih para nayaga GH3 nu tos ngarantunkeun, mugia para almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.