У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH3 Agresi Pringgandani Ka Astina (Edit Audio) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial. Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu waktu acara gelar budaya di gedong YPK Jl. Naripan Bandung taun 2003. Biasana dina pagelaran non hajatan durasina sok leuwih singket. Hanjakal teu gaduh video livena. Hususon kanggo penikmat gamelan Giriharja 3, di ahir lalakon, dilebetkeun instrumental gamelan Giriharja 3. ============= Inti carita : Judul asllina mah Parikesit, digentos jadi Agrési Pringgandani ka Astina. Sinigeug, di pertapaan Widara Kandang nu diadegkeun ku Resi Jaladara (Prabu Baladéwa, Raja Manduraharja manten) kadatangan Prabu Parikesit (incuna Arjuna), Raja Astina, dibarengan ku Bangbang Kaca (budakna Gatotkaca) ogé para panakawan Semar, Astrajingga, Dawala. Maksud Prabu Parikesit ngadatangan Resi Jaladara, rek menta pitulungna atawa kamandangna kumaha ngungkulan masalah nu tumiba ka Nagara Astina nu diserang (agresi) ku Nagara Pringgandani pingpinan Prabu Prabandala, turunan Purbakésa, amangna Gatotkaca. Sabada ngadoa babarengan, torojol Resi Narada ti Jonggring Salaka. Maksud kadatangan Resi Narada nyaéta masrahkeun pakakas nu baheula bogana Arjuna jeung Gatotkaca. Panah Sarotama cekelan Arjuna dipasrahkeun ka Parikesit. Kitu deui Bangbang Kaca meunang warisan makuta Uncal Kancana, sinjang Wasurona, tarumpah Cerama, baju Krey Antakusuma urut bapana baheula. Saprak maké pakéan warisan bapana, saharita sora Bangbang Kaca persis bapana, perilaku jeung kasaktian Gatotkaca turun ka Bangbang Kaca. Kitu deui Parikesit boga kasaktian ti akina, Arjuna. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!