У нас вы можете посмотреть бесплатно Parta Krama (Santolo, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Dalam rangka pelestarian budaya lokal (folklore) Jawa Barat yang memiliki kearifan lokal (local wisdom) yang adiluhung, di antaranya dengan cara pengarsipan digital kesenian-kesenian lawas tradisional rakyat Jawa Barat dari sumber aslinya (primer). Pengarsipan budaya tersebut dipublikasikan melalui media sosial seperti YouTube agar dikenal kembali oleh para generasi penerus. Kesenian-kesenian tersebut di antaranya seni pertunjukan wayang golek (puppet show). Tentunya konten wayang golek ini sudah dimodifikasi sedemikian rupa melalui proses editing dan bersifat unik serta ditambahkan deskripsi atau sinopsis agar memiliki nilai hiburan dan edukasi yang signifikan bagi para penggemar wayang golek. ================================= Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman panggung waktos ngagejrak di Lapang Kiarakohok, Desa Pamarayan, Kec. Cikelet Garut Selatan, bulan Juli tahun 2011. Pagelaran ieu dina raraga ngahibur warga nelayan nu harita nuju ngalaksanakeun tradisi Hajat Laut. Mung hapunten video shootingna ti pengker sanés di payuneun panggung. Juru kawih dina pagelaran ieu nyaéta Cucu Setiawati (nganggé kurudung), Dedeh Setiawati, Nunung Nurmalasari, Masyuning. Pagelaran ieu disponsoran ku roko Djarum Coklat. Video ieu saleresna tos diaplod di channel Akoer Lah nu kahiji, mung ayeuna channelna tos sanés milik sim kuring deui. Ngajagi bilih channel nu ngawitan di”takedown” ku Yutub, nungtutan diaplodan deui di channel nu énggal ieu. Mugia parawargi ngamaklum. ================================= Sinopsis : Kacaritakeun di Kampung Tumaritis Désa Tegal Gorowong, Semar Badranaya keur ngawurukan dua anakna nyaéta Cépot jeung Dawala. Sabot timbal wacana torojol Bima jeung Gatotkaca. Maksud Bima nepungan Semar rék ngabéjakeun yén adina Arjuna rék rarabi ka Déwi Subadra atawa Mayangarum adina Batara Kresna jeung Baladéwa. Tiluanana téh anakna Prabu Basudéwa Raja Mandura. Rencana pertikahan antara Arjuna jeung Déwi Subadra henteu mulus kitu waé, kusabab aya pihak lain nu sarua miharep hayang ngawin Déwi Subadra nyaéta Burisrawa anakna Prabu Salya ti Mandaraka. Burisrawa téh adi beuteungna Baladéwa. Baladéwa téh ngawin lanceukna Burisrawa nyaéta Déwi Érawati, anak cikal Prabu Salya. Batara Kresna nyanghareupan persoalan nu dilematis, sanajan haténa leuwih cop ka Arjuna ngajodo ka adina, tapi di sisi séjén Batara Kresna bingung nyanghareupan lanceukna, Baladéwa nu ngawakilan adi beuteungna ngalamar Déwi Subadra. Antukna Batara Kresna masrahkeun kaputusan ka Déwi Subadra naha rék milih Arjuna atawa Burisrawa. Déwi Subadra antukna ménta tanjakan kadua beulah pihak supaya ngadatangkeun barang-barang pusaka ti Sawarga Maniloka. Barang-barang pusaka éta sabenerna bogana Semar waktu ngalamar Déwi Kanastrén di Sawarga Maniloka. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag! Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe, share, like, koméntar sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan anu énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya kalih para nayaga GH3 nu tos ngarantunkeun, mugia para almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.