У нас вы можете посмотреть бесплатно Wayang Golek GH3 Kangsa Adu Jago (Audio Panggung, 2006) - H. Asep Sunandar Sunarya или скачать в максимальном доступном качестве, видео которое было загружено на ютуб. Для загрузки выберите вариант из формы ниже:
Если кнопки скачивания не
загрузились
НАЖМИТЕ ЗДЕСЬ или обновите страницу
Если возникают проблемы со скачиванием видео, пожалуйста напишите в поддержку по адресу внизу
страницы.
Спасибо за использование сервиса ClipSaver.ru
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio pagelaran di Cigasong Majalengka tanggal 23 Mei 2006. Dina raraga sukuran khitanan Bp. Agus Setiawan manten pamaén Persib. Mung gaduh audiona, teu gaduh videona. ===================== Rupina lakon Kangsa Adu Jago ti dalang Asép Sunandar Sunarya ieu nembé aya di Yutub sanaos dina format audio. Nu aya téh ti putrana Yogaswara Sunandar Sunarya, rakana H. Adé Kosasih Sunarya, Oza Kosasih Sunarya, Dédén Kosasih Sunarya. Awal carita, Begawan Abiyasa kadatangan incuna Bima jeung Arjuna katut para pawongan Semar Badranaya, Astrajingga, Dawala. Maksudna nyungkeun réstu ti éyangna rek miluan sayémbara di Karajaan Mandura nu diayakeun ku Prabu Kangsa. Eusi sayémbarana mun bisa ngéléhkeun Patih Sélatimonra bakal dibéré hadiah satengah Karajaan Mandura. Lain ti pihak Pandawa waé nu rek miluan sayémbara tapi ti pihak Kurawa gé mariluan. Jaman harita antara Pandawa jeung Kurawa masih cicing di Astina. Keur masih rumaja kénéh. Tapi Begawan Abiyasa nu tos legok tapak genténg kadék dina pangalaman salaku manten raja Astina teu percaya kitu waé kana sayémbara nu diayakeun ku Raja Kangsa. Kudu aya alesan dibalik diayakeunana sayémbara. Kukituna Begawan Abiyasa nyarankeun Bima jeung Arjuna supaya nepungan kapilanceukna nyaéta Narayana jeung Kakasrana. Kangsa téh anak angkatna Basudéwa raja Mandura. Keur baheulana, bojona Basudéwa nyaéta Déwi Maérah katipu ku Gorawangsa, raja kajinan ti Batamérah. Gorawangsa nu kaleleban ku Déwi Maérah mindarupa ngawujud Basudéwa waktu Basudéwa keur moro ka leuweung. Tina hasil sapatemon Gorawangsa jeung Déwi Maérah, lahir Kangsa. Dina carita saterusna Kangsa diaku anak ku Basudéwa. Tapi geus gedéna, Kangsa jadi raja Mandura. Basudéwa sorangan ingkah ti Mandura, nyepi di patapaan. Raja Kangsa téng ngimpi kadatangan bapana, Gorawangsa, cenah kakawasaan Kangsa bakal direbut ku budak bulé jeung budak hideung. Matakna ngayakeun sayémbara keur mancing datangna budak bulé jeung budak hideung téa. Sihoréng nu disebut budak bulé jeung budak hideung teh Kakasrana jeung Narayana putrana Basudéwa ti bojona nu kadua jeung katilu. Kakasrana engkéna katelah Basudéwa. Sedengkeun Narayana katelah Kresna. Harita mah can pernah panggih jeung dulur kapiadina nyaéta Bima jeung Arjuna. Déwi Kuntinalibrata nu jadi indungna Yudistira, Bima, Arjuna téh adina Basudéwa. Carios lengkepna mah mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!